Basa Sunda di LSS
+18
aDissTimey
supit
ando
Muy_Abi
Kang Ibow
Sina
abahsangpenyamun
Rara
bupati
manguing
Kang Ihsan
gunawan_smakbo
dyprawira
fachri reza
poets
dadotea
Sekretaris Daerah
ainKobra
22 posters
Halaman 1 dari 4
Halaman 1 dari 4 • 1, 2, 3, 4
Basa Sunda di LSS
kumaha yeuh ceuk cenah mah LSS lingkung seni sunda
tapi naha nya urang ningal na rea nu make basa endonesia...
teuing kunaon eta beut bisa kitu.. tapi ceuk urang mah nya...
aink mah pasti reueus pisan ningali jalma nu ngobrol make basa sunda, komo deuih basa sunda nu lemes, komo deuih nu ngomong na awewe.. asa jarang pisan nenjo awewe ayeuna ngobrol make basa sunda...
cik atuh euy.. rek dikanmanakeun ieu SUNDA teh??

Re: Basa Sunda di LSS
teu kamana-mana sunda mah.
angger we di Jawa Barat, moal sugan pindah ka betawi, atawa jawa tengah mah,.
tapi curigana rek dibawa ka betawi, asa leuwih sering ngadenge gue, elo.
ari basa endonesa mah teu nanaon ceuk kami mah, asal aya sisipanna,
tuluy lamun kitu di LSS kudu aya trend setterna atuh, yah minimalna pemda setempat, yang harus bisa mencanangkan program berbasa tersebut, enya jiga kabersihan, kadisiplinan, .. lamun euweuh nu nyontoan mah nya kitu. kuncina aya di pemda setempat, jeung anggota dewan setempat oge nu ngawasan,ngepretan dina palaksanaanna

Sok atuh lah dicontoan ku nu karolotna,bari diajakan oge.Atawa jieun
sundanese day ku pengurus.Kumaha we carana mah,nu penting mah aya
kahayang,Nya rus?(pengurus)
sundanese day ku pengurus.Kumaha we carana mah,nu penting mah aya
kahayang,Nya rus?(pengurus)
dadotea- Pengurus Inti
-
Jumlah posting : 612
Age : 42
Lokasi : Bandung-Rantau-Sengata-Bunyu-Pendopo
Registration date : 17.04.07
basa sunda di lss
sampurasun....
jadi hayang melacur.. melakukan curhat, hehe :p
kamari, basa urang di bali... asa digaplok make sandal capit beurang2 di tengah pasar... (halah, hiperbolis..)
pan caritana urang keur KP 2an jeung baturan urang nu geus di bdg ti orok keneh... terus.. secara gitu loh... si eta teh teu bisa basa sunda.. jadi urang mun ngobrol jeung manehnya kapaksa (teu kapaksa oge sih) make bahasa persatuan....
tiba-tiba... baturan sakantor urang nu orang bali asli, nanya...
"ko kalian ngobrolnya make bhs indonesia sih?? kenapa ga ngobrol make basa sunda??"
baturan urang ngan ngajawab,
"saya mah ga bisa basa sunda.. soalnya susah... dari jaman sd dulu ga pernah ngerti..."
urang cicing, bari tersenyum kecut.. (da haseum, pertanyaanna basi pisan...)
baturan kantor urang ngajawab deui,
"hhaaaahhh??? jadi kalian ga pernah ngobrol pake bahasa sunda???""
ceuk urang teh,
"saya mah sering, kalo ada yang bisa diajak ngorbol basa sunda...."
ceuk baturan urang nu urang bandung oge,
"saya mah ga pernah..."
menyedihkan, nya??... (eh, basa sundana menyedihkan teh naon sih?)
di bali mah, maranehna teh selalu ngobrol make basa bali ka sasama urang bali.... jadi, basa bali teh geus jadi basa pergaulan di ditu mah.... kabeh urang bali pasti bisa & relatif lancar berbahasa bali.....
jadi era...........

poets- Pemaen Pagelaran
-
Jumlah posting : 93
Age : 39
Lokasi : bandungtimur, tapi ga timur2 amat..
Registration date : 25.05.07
Re: Basa Sunda di LSS
eh, gening2 aya budak anyar, teh poets geningan.
dihaturanan di porum perkenalan teh poets, bisi aya nu can apal.
dihaturanan di porum perkenalan teh poets, bisi aya nu can apal.
Re: Basa Sunda di LSS
emang sih LSS teh lingkung seni sunda, tapi kuduna teu janten lingkung bahasa sunda (LBS) pan??? hoho, sori atuh mun aya nu teu satuju. tapi abdi oge, seumur2 tinggal di tanah pasundan teu tiasa lancar make basa nu hiji ieu. kadang2 kasar, kadang2 lemes, teu teratur lah.
hoyong melacur oge (melakukan curhat ceunah teh poets mah), pernah suatu ketika, di LSS teh abdi ngaraos terkesampingkan kumargi teu tiasa lancar ngomong basa sunda. meureun ayeuna mah teu kitu deui.
tapi, memang tanpa bahasa tidak ada komunikasi. mun teu tiasa make basa sunda, ulah nepi komunikasi jeung bersosialisasi janten hese...

fachri reza- P M A
-
Jumlah posting : 32
Age : 37
Lokasi : Bandung
Registration date : 16.05.07
Re: Basa Sunda di LSS
Teh Poets, sedih = nalangsa (prihatin), ngenes (leuwih ka rasa nyeri)
Kang Fachri, pami LSS teu tiasa janten lingkung basa sunda, sakantenan we atuh teu kedah diajar tata krama sunda, teu kedah diajar budaya sunda, teu kedah diajar kontinen sunda, jsb,,
padahal bule wae seueur nu bagja miboga kamampuh jadi urang sunda, jeung nagara2 tatangga oge aya nu ngaku2 budaya sunda janten budaya maranehna,, siap henteu pami kapayunna budaya sunda diklaim janten budaya deungeun?
Cobi dimamanahan deui nya bageur,,
Upami hoyong ngaraosan kumaha ajeg luhurna ngagunakeun basa sunda, hayu urang mencak diajar basa sunda,,

Kalo saya mah suka kagok pake basa Sunda teh.. Pasalna masi loba nu make basa indonesia teh. Maenya mun batur ngajak ngomong make basa indonesia, urang maksakeun ngajawab make basa sunda.. Asa teu matching we...
Nu kadua, bisi di cap kasar uey.. Da abdi mah teu tiasa nu halus2 basa sunda na ge.. Nya ai ka sapantareun mah cuek aja.. Trus mun ka saluhureun kumaha?
Nu kadua, bisi di cap kasar uey.. Da abdi mah teu tiasa nu halus2 basa sunda na ge.. Nya ai ka sapantareun mah cuek aja.. Trus mun ka saluhureun kumaha?
gunawan_smakbo- Budak Anyar
-
Jumlah posting : 3
Age : 38
Lokasi : Cisitu
Registration date : 30.05.07
Re: Basa Sunda di LSS
Justru kudu dilakukeun, bisa karena biasa, lamun kasar ge biasana aya nu menerkeun, nah biasana nu pada-pada ciut teh pas dibenerkeun ku nu kolot carana disepet, .. tah ieu mah hubunganna jeung mental barudakna,
tapi nu penting mah dina ngabiasakeun basa sunda di lss mah nya dijieun biasa lah, biasa diobrolkeun, biasa diomongkeun, biasa dicarioskeun, nya dibiasakeun,
p.s : urang ge teuing basa sunda urang geus alus atawa acan.

yah, kalo gua sih secara ngobrolnya di lss sama anak-anak cewe yang jarang pake basa sunda gitu, kan niatnya juga pdkt. masa pdkt sama yang ngomong basa indonesia pake basa sunda?
abis ngapain ngobrol sama akang-akang swasta yang ngomongnya pake basa sunda, kasar lagi ih..
ga banget deh..
abis ngapain ngobrol sama akang-akang swasta yang ngomongnya pake basa sunda, kasar lagi ih..
ga banget deh..
Kang Ihsan- Panitia Pagelaran
-
Jumlah posting : 339
Age : 46
Lokasi : di payuneun komputer
Registration date : 29.04.07
Re: Basa Sunda di LSS
Bahasa teh ajenna bangsa.Lamun hij bangsa tos api lain ka bahasana sorangan,hartina geus leungit ajenna.Lamun geus leungit ajenna,antosan weh kapunahannana.
Sok tempo bangsa-bangsa nu pinunjul,maranehna teh pageuh pisan nyeukeul bahasana.
Karasa pisan ku mamang didieu.hese pisan manggihan urang jerman nu bisa bahasa inggris teh.Bahasa inggris sahari-harilah.
Urang Jepang,Jerman,maranehna kuat pisan nyekel bahasana teh.Ayeuna tos ngawitan korea.
Coba titenan barudak sakola,atawa barudak gaul.Hayang katempo gaya,ngomongna pacampur inggris,indonesia,sunda.
Semaruknya gaya nu kitu teh!

"Jajaka LSS 2001" wrote:Justru kudu dilakukeun, bisa karena biasa, lamun kasar ge biasana aya nu menerkeun, ....
wah, mun urang mah biasana malah asik ngadangukeun si jambul teh. kasar tapi nya kitu lah... rame... hahaha, usal ulah kadangu ku budak ngora we...
fachri reza- P M A
-
Jumlah posting : 32
Age : 37
Lokasi : Bandung
Registration date : 16.05.07
Re: Basa Sunda di LSS
manguing wrote:Bahasa teh ajenna bangsa.Lamun hij bangsa tos api lain ka bahasana sorangan,hartina geus leungit ajenna.Lamun geus leungit ajenna,antosan weh kapunahannana.
Sok tempo bangsa-bangsa nu pinunjul,maranehna teh pageuh pisan nyeukeul bahasana.
Karasa pisan ku mamang didieu.hese pisan manggihan urang jerman nu bisa bahasa inggris teh.Bahasa inggris sahari-harilah.
Urang Jepang,Jerman,maranehna kuat pisan nyekel bahasana teh.Ayeuna tos ngawitan korea.
Coba titenan barudak sakola,atawa barudak gaul.Hayang katempo gaya,ngomongna pacampur inggris,indonesia,sunda.
Semaruknya gaya nu kitu teh!
Exactly mang, malahan mah nu I worried right now, thus ITB program pascana, cara belajar mengajarna make English, geus euweuh weh ciciren teh, hartina urang geus keok pisan (dan embung jeung pesimis jang dilawan), like there is no hope for us to ngajejegkeun ciciren bangsa teh. paripaosna teh naon nu salah mun urang make basa inggris. My answer secara tegas that is wrong. I agree mun eta dipake di kelas International. but, in local or national class.. naaaaa
hanyakalna oge ti our lecture or teacher or somethin like that, geus asa leuwih gaya mun ngajar loba istilah inggris
Iyeu teh salah sahiji analogi oge, para peneliti basa told, 5 taun mendatang basa sunda musnah, sarua oge jeung basa indonesia, ceuk aing mah.
Bt the way, sorry ... urang semangat teuing
Re: Basa Sunda di LSS
Matakna urang di mulai ti satuan unit anu paling leutik...nyaeta rumah tangga
Utamina yeuh kanggo sayah plus kanggo lss anu bade bakalan planning nikah...trus pan kabentuk janten kulawarga...geura di praktekeun eta bahasa sunda teh...misal ka anak..kedah aya komitmen sareng istri saupami..keun weh bapa na anu ngajarkeun nyarios sunda..trus indungna ngajarkeun bahasa dengeun...samisal bahasa inggris...atawa nu sejenana...kunaon bet kitu? nyak supados si budak teteup kenal kana bahasa sunda...tapi teteup teu tinggaleun kana bahasa pergaulan internasional....
kitu tah pamadegan sim kuring mah
-aam-
anukudungajarkeunbudaktianggalnakeneh

INGET KENEH KA NA UGA WANGSIT SILIWANGI?
Ti mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay.
...
Engké bakal réa nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus, teu ngahiding ka panglarang; ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain kebo lain embé, lain méong lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipinda sukma.
....
NA SAHA ATUH BUDAK ANGON TEH?
BOA KUDUNA MAH URANG2 NU JADI BUDAK ANGON TEH...
- Spoiler:
- Uga Wangsit Siliwangi (sunda)
Carita Pantun Ngahiangna Pajajaran
Pun, sapun kula jurungkeun
Mukakeun turub mandepun
Nyampeur nu dihandeuleumkeun
Teundeun poho nu baréto
Nu mangkuk di saung butut
Ukireun dina lalangit
Tataheun di jero iga!
Saur Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang : “Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia kabéhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia mudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engké jagana, jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman! Pilih! ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu somah sakabéhna, lapar baé jeung balangsak.”
Daréngékeun! Nu dék tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul! Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kalér! Anu dék kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wétan! Anu moal milu ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon!
Daréngékeun! Dia nu di beulah wétan, masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia! Nya turunan dia nu engkéna bakal maréntah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkéna bakal aya babalesna. Jig geura narindak!
Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa. Engké jaga, mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadéngé sora tutunggulan, tah éta tandana; saturunan dia disambat ku nu dék kawin di Lebak Cawéné. Ulah sina talangké, sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang!
Dia nu marisah ka beulah kalér, daréngékeun! Dayeuh ku dia moal kasampak. Nu ka sampak ngan ukur tegal baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu jadi pangkat, tapi moal boga kakawasaan. Arinyana engké jaga, bakal ka seundeuhan batur. Loba batur ti nu anggang, tapi batur anu nyusahkeun. Sing waspada!
Sakabéh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan nu hadé laku-lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu; mun ngaing nyarita moal kadéngé. Mémang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu rancagé haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu ngarti kana wangi anu sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku lampahna. Mun ngaing datang; teu ngarupa teu nyawara, tapi méré céré ku wawangi. Ti mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula.
Engké bakal réa nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus, teu ngahiding ka panglarang; ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain kebo lain embé, lain méong lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipinda sukma.
Daréngékeun! Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa: tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di dinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barulé, nu diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Kebo bulé nyekel bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan narikna henteu karasa, sabab murah jaman seubeuh hakan.
Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir, tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan urang loba nu hanteu engeuh, yén jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan; tapi jalan nu pasingsal!
Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bulé kalalabur; laju sampalan nu diranjah monyét! Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri teu anggeus, sabab kaburu: warung béak ku monyét, sawah béak ku monyét, leuit béak ku monyét, kebon béak ku monyét, sawah béak ku monyét, cawéné rareuneuh ku monyét. Sagala-gala diranjah ku monyét. Turunan urang sieun ku nu niru-niru monyét. Panarat dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan. ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresék caturangga. Hanteu arengeuh, yén jaman geus ganti deui lalakon.
Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kalér ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog. Génjlong saamparan jagat! Ari di urang ? Ramé ku nu mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyét ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung aturan. loba nu paraéh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur disebut musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu maréntah cara nu édan, nu bingung tambah baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa; ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani sahéng buana urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda tina tawon, dipaléngpéng keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih; nu nyapihna urang sabrang.
Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mémang titisan raja. Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh titisan raja; raja anyar hésé apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus témbong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku béntang caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran.
Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu beunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang ditutup; nyieun pancuran di tengah jalan, miara heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta duruwiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung monyét ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing; nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu ngélingan. Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan; da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan: taraté hépé sawaréh, kembang kapas hapa buahna; buah paré loba nu teu asup kana aseupan……………………….. Da bonganan, nu ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan wungkul jangji; nu palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger.
Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorén kanéron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngélingan nu keur paroho. Tapi henteu diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan. Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina pirunan. Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana ditéwak diasupkeun ka pangbérokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun néangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.
Sing waspada! Sabab engké arinyana, bakal nyaram Pajajaran didongéngkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bulé. Arinyana teu nyaraho, jaman manusa dikawasaan ku sato!
Jayana buta-buta, hanteu pati lila; tapi, bongan kacarida teuing nyangsara ka somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun. Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana? Engké, mun geus témbong budak angon! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi gélo marantuan nu garelut, dikokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut? Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang loba; nu boga hak marénta bagianana. Ngan nu aréling caricing. Arinyana mah ngalalajoan. Tapi kabarérang.
Nu garelut laju rareureuh; laju kakara arengeuh; kabéh gé taya nu meunang bagian. Sabab warisan sakabéh béak, béakna ku nu nyarekel gadéan. Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun ditempuhkeun leungitna nagara. Laju naréangan budak angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateup ku handeuleum ditihangan ku hanjuang. Naréanganana budak tumbal. sejana dék marénta tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, geus narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak Cawéné!
Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. Daréngékeun! Jaman bakal ganti deui. tapi engké, lamun Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati.
Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon!
Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!
Ti mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay.
...
Engké bakal réa nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus, teu ngahiding ka panglarang; ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain kebo lain embé, lain méong lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipinda sukma.
....
NA SAHA ATUH BUDAK ANGON TEH?
BOA KUDUNA MAH URANG2 NU JADI BUDAK ANGON TEH...
Re: Basa Sunda di LSS
Carita ngeunaan budak angon iyeu di subat sabit dina lir ilirna urang wetan. disebutna teh cah angon.Sarua deuih ngagambarkeun kaayaan anu baris kajadian di lembur urang.Naon atuh maksadna bocah angon teh.Siloka tina naon atuh si bocah angon teh.Nepikeun ka bisa asup kana 2 budaya anu jelas beda.abah wrote:NA SAHA ATUH BUDAK ANGON TEH?
BOA KUDUNA MAH URANG2 NU JADI BUDAK ANGON TEH...
Re: Basa Sunda di LSS
aya tulisanna teu mang? hayang nyaho kami mah, kumaha cenah tulisan urang wetan teh... nyaritakeun wewengkon sunda atawa wewengkon manehna eta teh...?manguing wrote:Carita ngeunaan budak angon iyeu di subat sabit dina lir ilirna urang wetan. disebutna teh cah angon.Sarua deuih ngagambarkeun kaayaan anu baris kajadian di lembur urang.Naon atuh maksadna bocah angon teh.Siloka tina naon atuh si bocah angon teh.Nepikeun ka bisa asup kana 2 budaya anu jelas beda.abah wrote:NA SAHA ATUH BUDAK ANGON TEH?
BOA KUDUNA MAH URANG2 NU JADI BUDAK ANGON TEH...
Re: Basa Sunda di LSS
baheula...
jaman si k dhika jadi pupuhu teh aya daerah kudu make basa sunda..
ngan teuing, urang teu apal epektipitas ti dilarapkeun kawijakan eta.
serba salah sih, mun ceuk urang mah..
ngan aya hiji hal nu ku urang perhatikeun ti baheula..
naha nu biasana make basa malayu di lss teh rereana ti pihak wanoja?
jadi weh, lalaki lss teh mun ngajak ngobrol barudak awewe sok make basa malayu..
jaman si k dhika jadi pupuhu teh aya daerah kudu make basa sunda..
ngan teuing, urang teu apal epektipitas ti dilarapkeun kawijakan eta.
serba salah sih, mun ceuk urang mah..
ngan aya hiji hal nu ku urang perhatikeun ti baheula..
naha nu biasana make basa malayu di lss teh rereana ti pihak wanoja?
jadi weh, lalaki lss teh mun ngajak ngobrol barudak awewe sok make basa malayu..
Kang Ihsan- Panitia Pagelaran
-
Jumlah posting : 339
Age : 46
Lokasi : di payuneun komputer
Registration date : 29.04.07
Re: Basa Sunda di LSS
kusabab teu login jadi maca trid ieu... jadi kumaha atuh? maenya nyalahkeun wanoja LSS kusabab teu make basa sunda hehehe...
Sina- Staff Pengurus
- Jumlah posting : 384
Registration date : 28.04.07
Re: Basa Sunda di LSS
Mun ceuk urang mah nu kudu dubenerkeun teh nyaeta :
"Kumaha cara nga-lauk nu bener." eta ge mun aya keneh ngalauk di LSS sih. Jadi bahasa nu dipake pas ngalauk teh nyaeta bahasa sunda. Mun wanoja LSS teu ngartieun, nya wayahna weh...
Aturan eta kudu di patenkeun n diresmikeun di LSS dina perundang-undangan NGALAUK DI LSS..
Mun embung make bahasa sunda mah, nya... tong ngalauk lah...

Kang Ibow- Panitia Pagelaran
-
Jumlah posting : 353
Age : 43
Lokasi : Jakarta, Karawang, Bandung, tinggal pilih...
Registration date : 02.05.07
Re: Basa Sunda di LSS
lain nyalahkeun sin...
ngan motret fenomena wungkul (hadah.. motret..)
tapi da mun diajak ngobrol mah rata2 ngalarti basa sunda.
ngan sieun nerapkeunna..
sieun salah, ceuk cenah mah..
jadi, maenya nyalahkeun nu sok nyalahkeun?
ngan motret fenomena wungkul (hadah.. motret..)
tapi da mun diajak ngobrol mah rata2 ngalarti basa sunda.
ngan sieun nerapkeunna..
sieun salah, ceuk cenah mah..
jadi, maenya nyalahkeun nu sok nyalahkeun?
Kang Ihsan- Panitia Pagelaran
-
Jumlah posting : 339
Age : 46
Lokasi : di payuneun komputer
Registration date : 29.04.07
Re: Basa Sunda di LSS
enya bener oge , tapi da ujung-ujungna, jadi kalasar ngomong teh..
uang-aing.. tapi alus ketang jadi seksi karasana
uang-aing.. tapi alus ketang jadi seksi karasana
Re: Basa Sunda di LSS
argghhhh... naha jadi ngalauk deui - ngalauk deui... teu jadi2 wae teh pedah ngajadikeun wanoja sebagai objek ieu teh... hehehe... naha jadi teu jadi2 wae... ngobrolkeun naon euy ieu teh...
lain na basa sunda lemes teh pedah aya asimilasi ti budaya jawa... teu kudu basa sunda lemes deui da pasti karagok mun dina sapopoe make basa sunda lemes mah... tingali wae eta uga wangsit siliwangi teu make basa sunda lemes... ngan make basa sunda buhun hehehe... tapi asa teu jiga basa sunda ayeuna kitu... eh, geus 3 tahun di bumi melayu teh poho deui caritaan undak-usuk basa... kumaha sih tingkatan na... mun teu salah ieu pan pakuat-pakait jeung asimilasi budaya jawa tea lain dina jaman na Demak asup ka Padjajaran... hayu diguar deui, asa resep maca carita klasik teh anu loba siloka na...
lain na basa sunda lemes teh pedah aya asimilasi ti budaya jawa... teu kudu basa sunda lemes deui da pasti karagok mun dina sapopoe make basa sunda lemes mah... tingali wae eta uga wangsit siliwangi teu make basa sunda lemes... ngan make basa sunda buhun hehehe... tapi asa teu jiga basa sunda ayeuna kitu... eh, geus 3 tahun di bumi melayu teh poho deui caritaan undak-usuk basa... kumaha sih tingkatan na... mun teu salah ieu pan pakuat-pakait jeung asimilasi budaya jawa tea lain dina jaman na Demak asup ka Padjajaran... hayu diguar deui, asa resep maca carita klasik teh anu loba siloka na...
Sina- Staff Pengurus
- Jumlah posting : 384
Registration date : 28.04.07
Re: Basa Sunda di LSS
Rara wrote:Matakna urang di mulai ti satuan unit anu paling leutik...nyaeta rumah tangga
Utamina yeuh kanggo sayah plus kanggo lss anu bade bakalan planning nikah...trus pan kabentuk janten kulawarga...geura di praktekeun eta bahasa sunda teh...misal ka anak..kedah aya komitmen sareng istri saupami..keun weh bapa na anu ngajarkeun nyarios sunda..trus indungna ngajarkeun bahasa dengeun...samisal bahasa inggris...atawa nu sejenana...kunaon bet kitu? nyak supados si budak teteup kenal kana bahasa sunda...tapi teteup teu tinggaleun kana bahasa pergaulan internasional....
kitu tah pamadegan sim kuring mah
-aam-
anukudungajarkeunbudaktianggalnakeneh
sapuk, tapi in reality sesah.. kumaha atuh da mamahna 3/4 jawa bener teu mas? heu heu alasan
kadang nu nyieun urang teu make basa sunda di lingkungan kulawarga teh pedah loba undak usuk nu urang teu apal, baheula asa diajarkeun di sd, tapi teu ngarti ayeuna mah geus poho
tah lamun di lingkungan pergaulan sabangsaning di lss mah euy piraku weh make kararagok, break the rule heula karek benerkeun sanggeusna keun uang aing ge asal ulah unjang a**i*g, asa getek kamari ngaliwat lss keur evaluasi lolobana marake basa nasional teh padahal kan didinya ajang diajarna kitu, baheula urang kitu teu nya ??
ando- Panitia Dies
-
Jumlah posting : 142
Age : 43
Lokasi : nomaden..around indonesia
Registration date : 18.04.07
Re: Basa Sunda di LSS
Budak mah leuwih pinteur ti kolotna.
Jadi tong sieun bakal nyieun stress budak,ngajarkeun rea bahasa.
Malahan mah ngajarkeun matematika pangepektifna nyaeta pas anak umur batita.
Sabab budak umuran balita teh keur meumeujeuhna kritis.Kabeh ditanya, hayang nyaho sagala. Tah sakapeung kolot anu teu sabaran mah,sok malik keuheul mun budakna rea tunya-tanya teh. Antukna budakna jadi pasip.
Lain dek ngajarkeun ngojay ka meuri. Rumasa mamang mah teu bisa ngojay, jeung anu maca ge (utamina nu geus boga budak) pan lain meuri. Jadi ieu mah ngan keur bahan paguneman hungkul.
Mangguru

Permissions in this forum:
Anda tidak dapat menjawab topik