Rajah Pangabaran
2 posters
Halaman 1 dari 1
Rajah Pangabaran
Jaman baheula, umumna para jawara dina tiapkali makalangan biasana sok mapatkeun jampe anu kekecapanana biasa disebut rajah.
Ceuk sakaol, aya sababaraha jenis rajah, diantarana aya nu disebut rajah pamunah, aya nu disebut rajah pangabaan, aya nu dsebut rajah asihan, jeung rea-rea deui (jrrd-red).
Rajah pamunah biasa dipapatkeun mun deuk nyinglarkeun sagala rupa balai. Biasana mun deuk pindah imah, atawa mitembeyan melak pare.
Rajah pangabaran mah dipapatkeun keur nambahan sima jeung kakuatan nalika nyanghareupan musuh. Aya hiji rajah pangabaran nu kabeneran masih keneh apal, harita diapalkeun lain keur kaperluan ngayonan musuh tapi keur digorolangkeun basa mentaskeun "Kacapi Suling Sastra" dina pagelaran September sabaraha taun kalarung. Mun teu salah unina kieu:
"Maung tundung datang pundung,
Badak galak datang mendek,
Nya mendek ku saratina,
Saratina anak dewata,
Nya dewata, nya awaking...
Biwir sia laki pipisan,
Letah sia buntut baliung,
Ret Bugeg,
Ratu yaleh komo yaleh,
Yaa...isun nu calik di buana panca tengah,
Yaa...isun lanang sajati....."
Rajah asihan atawa aya oge nu nyebut rajah kinasihan mah dipapatkeun keur ngaluarkeun aura kageulisan atawa kakasepan nu mapatkeunana. Aya oge nu dipapatkeun dikhususkeun kahiji jalma nu dipikaresep, mun cek kasarna mah disebutna "melet".
Leupas tina unsur mistis nu bisa patula-patali jeung ngotoran akidah urang, sabenerna aya hal sejen nu bisa diguar. Nyaeta ungkara basa (susunan bahasa) nu dipake dina kekecapan rajah. Loba kekecapan nu teu ilahar dipake sapopoe tapi dipake dina ungkara basa Rajah. Hal eta jigana nu bisa diguar ku urang keur ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan warisan karuhun baheula.
Sakali deui, kuring ngabahas rajah lain seja ngaguar sisi mistisna tapi leuwih kana kaendahan jeung pedaran sastra-na.
Dihaturanan kanu sanes keur mairan iu bahasan, Sumangga....!!!
Tabe pun,
Gilly

gprayoga- P M A
-
Jumlah posting : 11
Age : 42
Lokasi : Di dieu yeuh......
Registration date : 01.02.09
Re: Rajah Pangabaran
hatur nuhun pisan kang Gilly... atuh kumaha nya saleresna mah isin... teu tiasa masihan anu sanes na...
Sina- Staff Pengurus
- Jumlah posting : 384
Registration date : 28.04.07
Halaman 1 dari 1
Permissions in this forum:
Anda tidak dapat menjawab topik
|
|