Puisi Sunda..
Halaman 1 dari 4 • Share •
Halaman 1 dari 4 • 1, 2, 3, 4 
Puisi Sunda..
Sumangga..
ka kadang wargi nu hoyong nyerat, ngabahas, ngintun puisi....
di dieu tempatna..
ka kadang wargi nu hoyong nyerat, ngabahas, ngintun puisi....
di dieu tempatna..

Kang Ihsan- Panitia Pagelaran

-

Jumlah posting: 339
Age: 35
Lokasi: di payuneun komputer
Registration date: 29.04.07
Re: Puisi Sunda..
Kungsi..
Malati nu kungsi ngancik na ati
kiwari ngan kari waasna
sanajan hiliwirna angin
mawa seungit nu kungsi ngait
malati kari waasna..
Malati nu kungsi ngancik na ati
kiwari ngan kari waasna
sanajan hiliwirna angin
mawa seungit nu kungsi ngait
malati kari waasna..

Kang Ihsan- Panitia Pagelaran

-

Jumlah posting: 339
Age: 35
Lokasi: di payuneun komputer
Registration date: 29.04.07
Re: Puisi Sunda..
miluan san ah... nu ieu mah dicokot langsung ti blog urang (http://abahsangpenyamun.blogspot.com). hampura saayana..
...
peuting ieu,
anjeun ngajanggelek na poekna hate
meupeus keuyang rasa nu mancawura
paguliwota na heureutna dada
ambek nyedek tanaga midek
napsu ngagulidag taya liang moncor
antukna ngaguruh nutupan mamaras
tuluy ngilang tanpa laratan
nyesakeun diri nu nyileuk taya karep
tug nepi anjeun nyaangan
mapaesan jemplingna peuting
maturan bari ngelingan
ngajak balik ka na pitrahna
muga pareng isuk jaganing geto..
...
...
peuting ieu,
anjeun ngajanggelek na poekna hate
meupeus keuyang rasa nu mancawura
paguliwota na heureutna dada
ambek nyedek tanaga midek
napsu ngagulidag taya liang moncor
antukna ngaguruh nutupan mamaras
tuluy ngilang tanpa laratan
nyesakeun diri nu nyileuk taya karep
tug nepi anjeun nyaangan
mapaesan jemplingna peuting
maturan bari ngelingan
ngajak balik ka na pitrahna
muga pareng isuk jaganing geto..
...

abahsangpenyamun- Panitia Pagelaran

-

Jumlah posting: 289
Age: 31
Lokasi: iraha ka kodim deui?
Registration date: 23.04.07

Re: Puisi Sunda..
nu ieu mah kenging ceu Chye Retty Isnendes
Hirup
Hirup teh cita-cita
ngudag-ngudag mangsa jeung rasa
Hirup teh tunggara
upama tresna kalid sulaya
Hirup teh seuneu
nu ngaduruk lulurung sukma
Hirup teh ibadah
rela ihlas ngumawula
Hirup teh aci-acining:
Bagja!
. Bandung, 11 September 1994
Hirup
Hirup teh cita-cita
ngudag-ngudag mangsa jeung rasa
Hirup teh tunggara
upama tresna kalid sulaya
Hirup teh seuneu
nu ngaduruk lulurung sukma
Hirup teh ibadah
rela ihlas ngumawula
Hirup teh aci-acining:
Bagja!
. Bandung, 11 September 1994

Kang Ihsan- Panitia Pagelaran

-

Jumlah posting: 339
Age: 35
Lokasi: di payuneun komputer
Registration date: 29.04.07
Re: Puisi Sunda..
kembali, ini mah bs di tempo di na blog uing.. heu
mapag romadhon
estu manusa di na hirupna
taya ieuh nu sampurna
pinuh cidra reujeung dosa
campelak di na polah katut basa
poe ieu bulan sya'ban rengse kalakon
ayeuna urang papag bulan romadhon
bageakeun ku rupaning ibadah
mangpaatkeun pikeun muhasabah
dikawit ku wening ati herang manah
neda hampura na pikeun sakur laku lampah
wilujeng ngalaksanakeun shaum romadhon
mapag romadhon
estu manusa di na hirupna
taya ieuh nu sampurna
pinuh cidra reujeung dosa
campelak di na polah katut basa
poe ieu bulan sya'ban rengse kalakon
ayeuna urang papag bulan romadhon
bageakeun ku rupaning ibadah
mangpaatkeun pikeun muhasabah
dikawit ku wening ati herang manah
neda hampura na pikeun sakur laku lampah
wilujeng ngalaksanakeun shaum romadhon

abahsangpenyamun- Panitia Pagelaran

-

Jumlah posting: 289
Age: 31
Lokasi: iraha ka kodim deui?
Registration date: 23.04.07

Re: Puisi Sunda..
Hade-hade, euy.... miluan ah, ieu mah "instan"
Ayeuna
Jeujeur harupat tuluy ngipisan
indung suku tuturut peot
awak jadi budak
waragad teu walakaya
geuning teu di kawit teu di pungkas
kokojayan dina lantaran
sebrot hareudang hiliwir angin
ngalengkah numut sarangenge
los kaditu los kadieu
ngarenghap tuluy hah heh hoh
mmm, ngajerit diudag seuri
Nya ayeuna mah ayeuna...
Ayeuna
Jeujeur harupat tuluy ngipisan
indung suku tuturut peot
awak jadi budak
waragad teu walakaya
geuning teu di kawit teu di pungkas
kokojayan dina lantaran
sebrot hareudang hiliwir angin
ngalengkah numut sarangenge
los kaditu los kadieu
ngarenghap tuluy hah heh hoh
mmm, ngajerit diudag seuri
Nya ayeuna mah ayeuna...

supit- Panitia Pagelaran

-

Jumlah posting: 321
Age: 32
Lokasi: Caket... Teu jauh...
Registration date: 31.05.07
Re: Puisi Sunda..
ngalengkah mapag kalangkang
teu wasa nanggung pati
ngalengkah sajengkal jepat
teu wasa nangtayungan hiji
teu wasa nanggung pati
ngalengkah sajengkal jepat
teu wasa nangtayungan hiji
_________________
ayo Revenant!!
HAJAR!!!

Muy_Abi- Jabur

-

Jumlah posting: 1243
Age: 31
Lokasi: .:: dimana ada dirimu ::.
Registration date: 21.04.07

Re: Puisi Sunda..
bulan ngalimba
sanajan bulan tumunggal
caangna mah bati nu hegar
bangun nu teu ngemu tunggara
sanajan bulan nyorangan
teu risi ngambah sagara peuting
nganti bentang nu baris marengan
nganteur nyorang simpena peuting
nepi ka balebat nyampeur
nyinglarkeun kahieum ati
antara bandung madiun
30 september 2007
sanajan bulan tumunggal
caangna mah bati nu hegar
bangun nu teu ngemu tunggara
sanajan bulan nyorangan
teu risi ngambah sagara peuting
nganti bentang nu baris marengan
nganteur nyorang simpena peuting
nepi ka balebat nyampeur
nyinglarkeun kahieum ati
antara bandung madiun
30 september 2007

Kang Ihsan- Panitia Pagelaran

-

Jumlah posting: 339
Age: 35
Lokasi: di payuneun komputer
Registration date: 29.04.07
Re: Puisi Sunda..
pileuleuyan
duh rasa..
gulidag nu rosa teu kasubadanan ku diri nu laip
hampura mun anjeun kageurih
ku pucuk harepan nu teu surti
ku diri nu teu daek ngarti
ku rasa nu sumarambah
malidkeun jatining diri
. . madiun 1 oktober 2007
. . (keur nu kabaribinan)
duh rasa..
gulidag nu rosa teu kasubadanan ku diri nu laip
hampura mun anjeun kageurih
ku pucuk harepan nu teu surti
ku diri nu teu daek ngarti
ku rasa nu sumarambah
malidkeun jatining diri
. . madiun 1 oktober 2007
. . (keur nu kabaribinan)

Kang Ihsan- Panitia Pagelaran

-

Jumlah posting: 339
Age: 35
Lokasi: di payuneun komputer
Registration date: 29.04.07
Re: Puisi Sunda..
ibun harepan
kamari rundayan katineung rek dipalerkeun
bongan mawa eurih
nu ngageuri kana ati
ngabudalkeun kingkin
jeung rambisakna rasa
tadi,
ku naon salira ngaririhan deui
mawa ibun sanajan sakeclak
nu nyirungan deui katineung
nu ngahaja rek disinglar
duh gamparan,
guligahna rasa
hamo bisa disidem deui..
-madiun, 2 oktober 2007 -
kamari rundayan katineung rek dipalerkeun
bongan mawa eurih
nu ngageuri kana ati
ngabudalkeun kingkin
jeung rambisakna rasa
tadi,
ku naon salira ngaririhan deui
mawa ibun sanajan sakeclak
nu nyirungan deui katineung
nu ngahaja rek disinglar
duh gamparan,
guligahna rasa
hamo bisa disidem deui..
-madiun, 2 oktober 2007 -

Kang Ihsan- Panitia Pagelaran

-

Jumlah posting: 339
Age: 35
Lokasi: di payuneun komputer
Registration date: 29.04.07
Re: Puisi Sunda..
Kang Ihsan wrote:ibun harepan
kamari rundayan katineung rek dipalerkeun
bongan mawa eurih
nu ngageuri kana ati
ngabudalkeun kingkin
jeung rambisakna rasa
tadi,
ku naon salira ngaririhan deui
mawa ibun sanajan sakeclak
nu nyirungan deui katineung
nu ngahaja rek disinglar
duh gamparan,
guligahna rasa
hamo bisa disidem deui..
-madiun, 2 oktober 2007 -
Gelo lah, nepi kudu ka madiun nyieun puisi.. atawa keur ngetes ibun di madiun, eta teh??? hehehehe

supit- Panitia Pagelaran

-

Jumlah posting: 321
Age: 32
Lokasi: Caket... Teu jauh...
Registration date: 31.05.07
Re: Puisi Sunda..
supit wrote:
Gelo lah, nepi kudu ka madiun nyieun puisi.. atawa keur ngetes ibun di madiun, eta teh??? hehehehe
teu manggih ibun di madiun mah...
ieu mah ibun na via ym..
mun eurih na via sms..
hadah....
kieu jadina nyorangan di lembur batur teh pit euy..
sanajan ngan saminggu ge jadi produktip..


Kang Ihsan- Panitia Pagelaran

-

Jumlah posting: 339
Age: 35
Lokasi: di payuneun komputer
Registration date: 29.04.07
Re: Puisi Sunda..
Oh, ari sugan teh...
Tah nu matak, sigana mun urang geus jadi 2 naskah ieu, san... soalna teu karasa geus 2 taun leuwih didieu.... beuuuhhhh
Ah, Alhmd atuh ari produktip mah, mugia continual produktipna
Eh, ari ibun jeung eurih nu mana nu tiheula datang??
mun ibun heula, nya ayeuna ngiring bingah atuh, pami eurih heula, nya alhmd oge meureun dipasihan keneh cocoba ku gusti... heuheu...
Tah nu matak, sigana mun urang geus jadi 2 naskah ieu, san... soalna teu karasa geus 2 taun leuwih didieu.... beuuuhhhh
Ah, Alhmd atuh ari produktip mah, mugia continual produktipna
Eh, ari ibun jeung eurih nu mana nu tiheula datang??
mun ibun heula, nya ayeuna ngiring bingah atuh, pami eurih heula, nya alhmd oge meureun dipasihan keneh cocoba ku gusti... heuheu...

supit- Panitia Pagelaran

-

Jumlah posting: 321
Age: 32
Lokasi: Caket... Teu jauh...
Registration date: 31.05.07
Re: Puisi Sunda..
Kang Ihsan wrote:supit wrote:
Gelo lah, nepi kudu ka madiun nyieun puisi.. atawa keur ngetes ibun di madiun, eta teh??? hehehehe
teu manggih ibun di madiun mah...
ieu mah ibun na via ym..
mun eurih na via sms..
![]()
![]()
hadah....
kieu jadina nyorangan di lembur batur teh pit euy..
sanajan ngan saminggu ge jadi produktip..
lainna nyorangan teh teu di madiun hungkul nya ??

_________________
ayo Revenant!!
HAJAR!!!

Muy_Abi- Jabur

-

Jumlah posting: 1243
Age: 31
Lokasi: .:: dimana ada dirimu ::.
Registration date: 21.04.07


supit- Panitia Pagelaran

-

Jumlah posting: 321
Age: 32
Lokasi: Caket... Teu jauh...
Registration date: 31.05.07
Halaman 1 dari 4 • 1, 2, 3, 4 
Halaman 1 dari 4
Permissions in this forum:
Anda tidak dapat menjawab topik