Kuring LSS
Would you like to react to this message? Create an account in a few clicks or log in to continue.

Karinding

5 posters

Go down

Karinding Empty Karinding

Post by gprayoga Tue Feb 10, 2009 6:53 pm

Karinding memang lain mangrupakaeun hiji ngaran kasenian, tapi mangrupakeun ngaran waditra.
Keur nu can pernah ningali karinding, rada hese memang keur ngagambarkeunana. Tapi mun hayang ningali wangun atawa bentuk karinding coba di siar dina google, insya Alloh murudul.
Karinding ceuk beja (duka bener atawa henteu), mangrupakeun waditra (alat musik) nu dipaenkeun pas nunggu sawah nu sumedeng beukah. Lian ti tamba kesel tunggu pare, dipercaya oge keur nyingkahkeun hama. Sabab, sora nu kaluar tina karinding aya frekuensi nu nyababkeun hama nyaringkah.
Dina prak-prakan kadituna, lian ti dipaenkeun bari tunggu sawah. Para nonoman jaman baheula biasa ngagunakeun Karinding minangka pamikat atawa kode keur ngagentraan bebenena (kabogoh). Maklum jaman baheula mah, mun hayang panggih jeung kabogoh teh susulumputan, ngadepongan lintar pipireun imah awewe. Si awewe nonghol dina jandela nalika dikodean ku sora karinding (asa hese jaman baheula mah hayang panggih jeung kabogoh teh nya?? teu jiga ayeuna tinggal di "Hallow...", matakna sok atuh tinggal kawanina...pan geus teu hese jiga baheula,he..he.. naha kalahka ngacapruk, balik deui kana Topik Kadar Nurdaya, he..he..)
Dina jaman Islam asup ka tatar Sunda, wurahma nu dipaenkeun jiga sora nu keur ngaji.
Aya dua bahan nu dipake keur nyieun Karinding, aya nu tina awi aya nu tina daun lontar. Dipaenkeunana aya nu di toel ku jempol aya nu nu dibetot make tali.

Salangkungna mangga ditambihan ku nu sanes,
Tabe pun.....!!!
gprayoga
gprayoga
P M A
P M A

Male
Jumlah posting : 11
Age : 41
Lokasi : Di dieu yeuh......
Registration date : 01.02.09

Kembali Ke Atas Go down

Karinding Empty Re: Karinding

Post by dj_oko Thu Feb 12, 2009 10:57 am

bade nambihan ah kang,, punten upami basa sunda teu patos sae,,
ieu ge basa ngeusianana bari ningal ka kamus basa sunda, heu...

ieu aya gambarna saeutik
Karinding Karindinginsert1

ieu aya sababaraha tempat nu katelah ngadamel karinding :
- wewengkon Citamiang, Pasirmukti, Tasikmalaya nu nyieunna tina palapah kawung
- aya oge di Cililin nu nyieunna tina awi, tapi nu makena para istri, saba ningali tina wangunna nu jiga susuk ngarah gampil ditanceubkeun dina gelungan rambut
- upami nu dipake lalaki mah biasana make bahan kawung
tah,, ka nu panasaran hoyong ningal karinding dina hareupeunana pisan, mangga pilarian,, Smile

aya tilu bagian tina karinding teh:
- nu jiga jarum nu di tengah eta ngaranna cecet ucing
- wates jarumna
- sareng nu pang tungtungna disebat paneunggeul. upami ditepak gunana kanggo ngagerakkeun jarum

sakitu heula ah kang,, mangga kanggo nu sanes upami bade nambihan,, bade kuliah,, heu2 Very Happy

YEEEE,, postingan ka hiji crazy
dj_oko
dj_oko
P M A
P M A

Male
Jumlah posting : 6
Age : 37
Lokasi : cimahi, batujajar, padalarang
Registration date : 10.02.09

Kembali Ke Atas Go down

Karinding Empty Re: Karinding

Post by Sina Tue Feb 17, 2009 4:52 pm

A+ A+
Sina
Sina
Staff Pengurus
Staff Pengurus

Jumlah posting : 384
Registration date : 28.04.07

Kembali Ke Atas Go down

Karinding Empty Re: Karinding

Post by ainKobra Tue Mar 10, 2009 8:22 pm

hayuuu aaah gaas teruuuuusss
ainKobra
ainKobra
Staff Pengurus
Staff Pengurus

Male
Jumlah posting : 492
Age : 38
Lokasi : .:luhurgunungnyanghareupkakulon duapuluhtilusetengahdarajatkakaler:.
Registration date : 21.04.07

http://ainkobra.blogspot.com

Kembali Ke Atas Go down

Karinding Empty Re: Karinding

Post by Muy_Abi Wed Mar 11, 2009 3:59 pm

wah, joko surpei lapangan yeuh...
Muy_Abi
Muy_Abi
Jabur
Jabur

Male
Jumlah posting : 1244
Age : 42
Lokasi : .:: dimana ada dirimu ::.
Registration date : 21.04.07

http://machmoey.blogspot.com

Kembali Ke Atas Go down

Karinding Empty Re: Karinding

Post by Sponsored content


Sponsored content


Kembali Ke Atas Go down

Kembali Ke Atas


 
Permissions in this forum:
Anda tidak dapat menjawab topik