Kuring LSS
Would you like to react to this message? Create an account in a few clicks or log in to continue.

CA CA RI TA AN

2 posters

Go down

CA CA RI TA AN Empty CA CA RI TA AN

Post by ainKobra Thu Mar 19, 2009 7:53 pm

ulah ngaku urang sunda mun teu ngarti kana ieu carita .....
sok ah .... bener henteuna.. duka atuhnya...:p



OPAT taun ka tukang. Harita kuring masih kénéh digawé di Carnival
Cruising Lines, nyaéta pausahaan kapal pesiar anu jalurna téh ti Miami ,
Florida , tepi ka Kapuloan Bahama. Boga pancén téh jadi waiter dina dék
kapal.

Hiji mangsa kapal kuring katatamuan ku grup band ti New Jersey , New
York . Saha deui mun lain Bon Jovi. Batur sapagawéan mani hariweusweus
ngomongkeun Jon Bon Jovi saparakanca. Sok komo barudak awéwé mah teu
sirikna histeris. Kuring mah haré-haré baé. Rék Bon Jovi rék Metallica,
mangsa bodo! Kuring mah teu pati resep kana musik brang-bréng-brong siga
rock music téh. Resep gé kana musik slow panineungan anu biduanna Matt
Monroe, Engelbert Humperdink, jeung Simon 'n Garfunkel.

Hiji poé wanci haneut moyan. Para tamu réa nu ngadon moé awak dina dék
kapal. Pon kitu deui Mr. Jon Bon Jovi, Mr. Richie Sambora, Mr. David
Brian, Mr. Tico Torres, jeung Mr. Alec John Such. Kabeneran kuring
ngaliwat ka palebah maranéhna.

"Hi, waiter, come here, please!" Mr. Bon Jovi ngagentraan. Manéhna ménta
orange juice, gancang baé ku kuring ditedunan. Waktu kuring mikeun
pesenan Mr. Bon Jovi, Mr. Sambora pesen
lemon tea, kuring rikat
mangmawakeun. Waktu mikeun pesenan Mr. Sambora, Mr. Torres hayang diet
coke jeung kuéh pancake, teu talangké kuring nyadiakeun. Waktu mikeun
pesenan Mr. Torres, Mr. John Such ménta susu jeung roti sandwich. Kuring
mimiti keuheul. Waktu mikeun pesenan Mr. John Such, kuring kukulutus
maké Basa Sunda, "Ieu mah jelema, aya ku ngagawékeun. Cik atuh ari pesen
dahareun téh disakalikeun!"

Naha atuh ari pok téh Jon Bon Jovi ngomong, "Éta mah risiko pagawéan
manéh atuh, Céng!"

Gebeg kuring reuwas. Baruk Jon Bon Jovi bisaeun ngomong Basa Sunda?

"Har, geuning Sadérék téh tiasa nyarios Basa Sunda?" kuring nanya tamba
éra. "Apan karuhun déwék téh ti Cisurupan," témbalna kalem. Leng kuring
ngahuleng. Asa ngimpi. Naha enya kitu Jon Bon Jovi téh bibit buitna ti
Cisurupan Garut? Panasaran kuring nanya deui, "Is that right, Sir?"

"Silaing cangcaya?Ayeuna déwék rék nanya, ari silaing urang mana?" "Abdi
ogé sami ti Garut." "Garut palebah mana?" "Singajaya." "Nyaho
Kampung
Mariuk di wewengkon Singajaya?" "Tangtos atuh da abdi téh urang dinya."
"Wawuh ka Mang Sadeli tukang nyadap?" "Kenal pisan." "Bisi teu nyaho,
anjeunna téh baraya déwék, geureuhana téh rayina Ajengan Syukron ti
Cisurupan, ari déwék ka Ajengan pernahna kapiemang." Kuring ngan bati
olohok. Teu sangka, Jon Bon Jovi biduan hardrock nu kasohor saalam dunya
téh geuning masih kénéh teureuh Garut.

Ti harita kuring jadi mindeng ngawangkong jeung manéhna. Anu matak
kuring jadi apal silsilah kulawargana. Bapana téh jenenganana Haji
Suja'i patani tomat anu beunghar ti Cisurupan. Ari indungna téh Mrs.
Mary Joe Martin, pituin urang New Jersey . Aranjeunna tepang di Kota
Madinah, dina mangsa munggah haji. Haji Suja'i henteu mulih deui ka
Indonésia tapi ngiring sareng ingkang geureuha ka Amérika. Di New
Jersey , padamelan Haji Suja'I tetep baé ngebon tomat. Mrs. Suja'i
banget
suhud ngawulaan carogé. Tepi ka waktu kakandungan ku si cikal, Mrs.
Suja'i méh baé sabrol- broleun di kebon tomat, duméh tas nganteuran
timbel keur Mang Haji. Éta nu jadi matak si cikal lalaki téh ku bapana
dingaranan Ujang Obon Suja'i.

Tapi ku lantaran lingkungan gaul urang bulé, babaturan ulinna téh
hararésé ngucapkeun ngaranna. Nya tuluyna mah dilandi baé jadi Jon Bon
Jovi.

Sanggeus ngangkleung salila sapuluh poé, kapal balik deui ka Palabuan
Miami . Jon Bon Jovi saparakanca jrut tarurun tina kapal rék nuluykeun
lalampahanana ka New Mexico . Béjana rék shooting vidéoklip "Blaze of
Glory". Barang rék jrut turun, Jon ngaharéwos, "Iday, lamun silaing rék
mulang ka Garut, béjaan déwék, nya. Rék ku télépon, faksimil atawa e-
mail, kumaha silaing baé. Déwék hayang milu. Haté téh geus kumejot
hayang moro bagong jeung Mang Sadeli ka Cikuray." Kuring ngaheueuhkeun.

TILU bulan ti harita, kuring meunang cuti taunan. Maksud téh rék nyelang
balik ka Garut. Ku lantaran kitu kuring nélépon ti Miami ka New Jersey
ngabéjaan Ujang Obon. Ngan ampun rudetna. Kuring dipingpong ka ditu ka
dieu. Ti imahna dititah nélépon ka Fans Club. Ari pék téh ti FC kudu
asup heula waiting list. Lamun henteu kudu ngomong langsung ka promotion
manager, kakara nungguan akréditasi. Jeung deui anu nampa télépon téh
budak lalaki nu ngomongna semu selébor siga biduan rap music maké basa
Inggris
lentong Brooklyn , New York . "Hi, man... stay cool okay...easy
buddy, easy..," pokna. Moal salah, pasti urang négro barayana M.C.
Hammer. Bakat ku pusing, ceuleuweung baé kuring dina telepon, "Hi,
stupid American... listen to me! You just tell to your boss, this phone
call is from Iday. I came from Singajaya... What?... No! Singajaya is
located in Indonesia , not Africa ... Do you understand?" Naha atuh
témbalna ti béh ditu, "Har... geuning Kang Iday," ayeuna
mah sora budak
awéwé mani halimpu jeung maké basa Sunda.

Kuring curinghak banget ku atoh, "Dupi ieu sareng saha?"
"Abdi téh adi kelas akang waktos sakola di Madrasah AliyahMusaddadiyah
Garut." "Saha nya?" "Atikah." "Nyimas Atikah putrana Haji Tamim ti
Bungbulang?" "Sumuhun." "Naha Nyimas aya di New Jersey ?" "Di dieu téh
abdi digawé di Bon Jovi Management, diajak ku Mang Haji Suja'i." "Oh,
kitu... kieu baé Nyimas, wartoskeun ka Jon Bon Jovi, urang miang ka
Garut téa. Ngarah teu réncéd, akang rék hiber langsung ka Honolulu,
diantos baé di Hotél Sheraton Waikiki , Hawaii ." "Mangga, Insya Alloh ku
abdi badé didugikeun." Plong haté téh ngemplong. Teu sakara-kara geuning
ari ngomongjeung baraya salembur mah.

Opat poé ti harita, pasosoré, Boeing 747 Northwest Airlines anu mawa
kuring jeung Ujang Obon alias Jon Bon Jovi geus eunteup di Bandara
Soekarno-Hatta. Sanggeus nyokot babawaan ti pabéan, Ujang Obon ngomong,
"Iday, urang ngéndong di
Bandung baé, déwék mah teu betah saré di Batawi
téh." "Heueuh, lah." "Ayeuna urang rék maké naon miang ka Bandung ?" "Nya
tumpak beus ti Terminal Kampung Rambutan, atuh." "Ah embung déwék mah,
... ari di dieu aya séwaan limousine?" "Silaing mah olo-olo pisan! Apan
di New York ogé tuman naékangkot!"

Jon Bon Jovi keukeuh hayang tumpak limousine alias sédan méwah sasis
panjang téa. Sok nyeri cangkéng lamun tumpak sédan biasa mah, basana
téh. "Dasar milyunér, mani élodan pisan!" kuring kukulutus. Kapaksa
kuring mapay néléponan réntal mobil sa-Jakarta. Untung baé aya nu
nyéwakeun sédan pangantén, Volvo 960 Limo-turbomatic, hiji- hijina mérek
sédan limousine anu asup ka Indonésia.

Tabuh salapan peuting. Sakadang Volvo anu ditumpakan ku kuring duaan
jeung Ujang Obon katilu supir geus tepi ka Bandung anu saterusna
langsung check-in di Grand Hotel Preanger. Bakat ku capé jeung tunduh,
rérés salat isa teu kungsi mandi heula, kuring dugsek saré mani tibra.

Kira-kira tabuh satengah dua peuting, panto kamar aya anu ngetrokan.
Kuring ngoréjat, "Saha?" "Déwék, Obon." Bari lulungu, kuring mukakeun
panto, "Aya naon, Jang?" Beungeut Jon kaciri mani sepa. Ku naon yeuh?
gerentes haté.

"Teuing euy, déwék téh teu bisa
saré...tamba kesel tuluy nyieun lagu.
Rumpakana mah geus anggeus, tinggal nyieun judulna wungkul." "Geus atuh,
ayeuna mah saré baé heula...mikiran pijuduleun lagu mah isuk deui baé,"
témbal kuring bari merelek heuay. "Anu matak teu bisa peureum-peureum
acan. Kieu balukarna lamun béakeun barang téh. I have no stuff anymore,"
ceuk Jon bari meubeutkeun manéh kana korsi. Kuring kerung. Béakkeun
barang? Dina basa American slank, kecap stuff hartina sarua
jeung dope
atawa drugs alias obat bius. Boa-boa Ujang Obon sok tripping? Ongkoh
geus ilahar pikeun kaom American celebrities mah ngonsumsi narkotika
sabangsaning héroin, kokain, atawa crack (kokain sintétis) téh. "Barang
naon? PTP? LSD? Ecstacy? Diazepam? Amphetamine? Rék meuli anu kitu di
dieu mah hésé." "Lain atuh, ieu mah ududeun." "Mariyuana? Hashish?
Ganja? Sarua héséna, Jang." "Silaing mah nyangka goréng baé ka déwék
téh! Ieu mah udud roko biasa, deuleu!" témbal Ujang Obon bari nyeuneu.

"Oh...gampang atuh ari
nu kitu mah. Meuli baé di kafé, sugan buka
kénéh." "Anu matak euweuh." "Euweuh? Piraku euweuh Marlboro, Lucky
Strike, Camel, Mild Seven, Chesterfield ?" "Lain éta roko kabeuki déwék
mah." "Oh, roko kéréték? Dji Sam Soe, Gudang Garam Filter, atawa
Bentoel?" "Lain, lain éta." "Roko mérek naon atuh kabeuki silaing téh?"
kuring mimiti keuheul.

Jon Bon Jovi melong ka kuring. Bari meureudeuy semu éra, manéhna ngomong
lalaunan, "Roko Cap Gentong..." Leng kuring ngahuleng, awahing ku reuwas
awor jeung hayang seuri. Baruk Jon Bon Jovi nyandu udud roko Cap
Gentong? Naha teu salah kitu? Tagog baé vokalis hardrock music nomer
wahid, lamun indit- inditan kudu baé maké sédan limousine, ari heug
kalandep kana ngudud roko Cap Gentong?! Kungsi sotéh kuring meuli roko
nu kitu mangsa kuring keur kaédanan lalajo ronggéng dombrét di basisir
Blanakan, Subang.

Jon Bon Jovi sahinghingeun ceurik. Euh, aing mah! Lamun henteu digugu
kahayangna kuriak matak gujrud sakuliah hotél. Ngérakeun pisan! Sanajan
horéam
nataku, kuring maksakeun manéh, "Hayu atuh, urang néangan."
Manéhna mani haripeut. "Ka mana néanganana, nya?" "Urang mapay baé, ka
Pasarbaru, ka Bojongloa, ka Tegallega, ka Cicadas, lamun kapaksa-kapaksa
teuing mah urang meuli baé roko klembak menyan di tukang rampé," témbal
kuring ngaheureuyan manéhna. Jon nyéréngéh.

Jon jeung kuring kaluar ti hotél tumpak taksi. Palebah Cicadas, taksi
dieureunkeun. Jrut turun, tuluy leumpang mapay émpér toko bari miharep
susuganan aya jongko anu ngajual roko kameumeutna Jon Bon
Jovi.

Kabeneran leumpang téh ngaliwatan riungan tukang béca anu keur maén
gapléh dina trotoar jalan. Ari heug téh kadéngé aya anu ngomong, "Najis,
aing mah...balak kosong!" Ger riungan téh sareuri éak-éakan. Ngadéngé
kitu, Jon ngarandeg bari tuluy ngahuleng. "Ku naon, Jang?" kuring nanya
rada hariwang.

Manéhna teu némbal. Rada lila manéhna ngahuleng. Naha atuh ari gorowok
téh, " Eureka ! that's right! Éta pisan pijuduleun lagu téh!"

Jon katempo jigrah pisan.
"Iday, hayu urang balik ka hotél!"
"Apan urang néangan roko téa?" banget kuring teu ngarti.
"Teu kudu, urang meuli roko saaya-aya baé di hotél!" témbal manéhna
sumanget naker.

"Har...
ari silaing?!" kuring ukur werat ngageremet.
Ayeuna kuring geus teu digawé dina kapal deui. Miami, Kingston, Nassau,
Puerto Rico, Bahamas, Antigua ngan kari waasna. Ti saprak kuring kawin
meunangkeun parawan urang Cikajang, kuring eureun ngalalana. Pagawéan
kuring ayeuna mah ngabantuan bapa mitoha kana ngebon engkol jeung
wortel.

Sabulan ka tukang, grup band Bon Jovi ngayakeun
konser
musik "Crossroad to The East" di Jakarta. Ujang Obon ngahaja ngirim
télégram ka Cikajang. Sono hayang panggih, basana téh.

Éra-éra ogé kuring nedunan ondanganana. Harita kuring indit ka Batawi
téh sakalian iang wortel ka Pasar Induk Kramatjati. Sabalikna ti pasar,
kuring nyimpang ka Hotél Hilton International. Barang sup ka lobby
hotél, aya nu ngagentraan. "Kang Iday!" cék sora awéwé.

Ari dilieuk, kuring olohok mata simeuteun. Atikah imut. Aduh, ieung...
urut kabogoh téh mani jadi démplon kieu, gerentes haté. Hanjakal baheula
kalah ditinggalkeun...hé...hé... Diteuteup ti luhur ka handap, katara
awakna tambah ngeusi jeung tambah geulis, ngan dangdosan mah tetep baé
nganggo busana muslimah, leungeun katuhu ngeupeul Nokia, leungeun kénca
ngajinjing IBM Notebook.

"Hey, teu kénging melong sapertos kitu. Engké ku abdi iwartoskeun ka Ceu
Empat di Cikajang geura," manéhna ngagonjak. uring ngélémés éra ngadéngé
Atikah nyebut ngaran pamajikan.

"Kang, Ujang Obon tos ngantosan ti tatadi, hayu!" Kuring nuturkeun
manéhna naék lift. Reg lift eureun di tingkat pangluhurna, president
suite.

Barang amprok jeung Jon Bon Jovi, manéhna ukur maké kaos utung jeung
disasarung. Manéhna teu sirikna ngagabrug. Saterusna kuring jeung
manéhna alécok ngawangkong.

Sanggeus rinéh, "Iday, silaing inget kénéh waktu nganteur déwék néangan
roko ka Cicadas téa?" "Tangtu baé atuh. Naha kumaha kitu?" "Apan omongan
tukang béca anu keur maén gapléh téa jadi judul lagu kokojo keur albeum
déwék anu panganyarna," témbalna semu agul bari ngasongkeun CD anu
weuteuh kénéh. Barang maca judul lagu kokojo anu dicitak dina bungkus
CD, cakakak kuring seuri ngeunah pisan. Atuda kuring ogé milu ngadéngé,
atra pisan tukang béca téh ngomong, "Najis, aing mah!... balak kosong!"
Naha atuh ari dina judul lagu bet jadi robah kieu? Teuing Jon Bon Jovi
anu ceuli léntaheun atawa pédah nulisna maké basa nggris lentong New
Jersey . Nu sidik, dina éta CD téh ngajeblag ulisan anu unina, "Best cut:
This ain't a Love Song." .



------------------------dicandak tina notes rerencangan di facebook... hade pisan----------
ainKobra
ainKobra
Staff Pengurus
Staff Pengurus

Male
Jumlah posting : 492
Age : 38
Lokasi : .:luhurgunungnyanghareupkakulon duapuluhtilusetengahdarajatkakaler:.
Registration date : 21.04.07

http://ainkobra.blogspot.com

Kembali Ke Atas Go down

CA CA RI TA AN Empty Re: CA CA RI TA AN

Post by adhitya prihadiatna Fri Jun 11, 2010 8:36 pm

hoream macana loba eing

adhitya prihadiatna
Budak Anyar
Budak Anyar

Male
Jumlah posting : 1
Age : 31
Lokasi : kuamang kuning
Registration date : 11.06.10

http://www.peninggalansejarahsunda.blogspot.com

Kembali Ke Atas Go down

CA CA RI TA AN Empty Re: CA CA RI TA AN

Post by ainKobra Fri Jul 16, 2010 4:48 am

adhitya prihadiatna wrote:hoream macana loba eing

nya tong dibaca atuh.
ainKobra
ainKobra
Staff Pengurus
Staff Pengurus

Male
Jumlah posting : 492
Age : 38
Lokasi : .:luhurgunungnyanghareupkakulon duapuluhtilusetengahdarajatkakaler:.
Registration date : 21.04.07

http://ainkobra.blogspot.com

Kembali Ke Atas Go down

CA CA RI TA AN Empty Re: CA CA RI TA AN

Post by Sponsored content


Sponsored content


Kembali Ke Atas Go down

Kembali Ke Atas


 
Permissions in this forum:
Anda tidak dapat menjawab topik