bade nambihan ah kang,, punten upami basa sunda teu patos sae,,
ieu ge basa ngeusianana bari ningal ka kamus basa sunda, heu...
ieu aya gambarna saeutik
ieu aya sababaraha tempat nu katelah ngadamel karinding :
- wewengkon Citamiang, Pasirmukti, Tasikmalaya nu nyieunna tina palapah kawung
- aya oge di Cililin nu nyieunna tina awi, tapi nu makena para istri, saba ningali tina wangunna nu jiga susuk ngarah gampil ditanceubkeun dina gelungan rambut
- upami nu dipake lalaki mah biasana make bahan kawung
tah,, ka nu panasaran hoyong ningal karinding dina hareupeunana pisan, mangga pilarian,,

aya tilu bagian tina karinding teh:
- nu jiga jarum nu di tengah eta ngaranna
cecet ucing- wates jarumna
- sareng nu pang tungtungna disebat
paneunggeul. upami ditepak gunana kanggo ngagerakkeun jarum
sakitu heula ah kang,, mangga kanggo nu sanes upami bade nambihan,, bade kuliah,, heu2

YEEEE,,
postingan ka
hiji 