Kuring LSS

Porumna Barudak LSS-ITB
IndeksIndeks  ­PortailPortail  ­CalendarCalendar  ­GalleryGallery  ­FAQFAQ  ­PencarianPencarian  ­PendaftaranPendaftaran  ­AnggotaAnggota  ­GroupGroup  ­LoginLogin  
Kirim topik baru   Kirim balasanShare | 
 

 Su-Surat-an

Topik sebelumnya Topik selanjutnya Go down 
Pilih halaman : 1, 2, 3, 4, 5, 6, 7, 8  Next

Saha Nu Paling Cocog janten Umed & Euis
Ali & Amel
15%
 15% [ 3 ]
Abah & Ratih
5%
 5% [ 1 ]
Ibow & Anggi
10%
 10% [ 2 ]
Cobra & Seukar
68%
 68% [ 13 ]
Total Suara : 19
 

PengirimMessage
ainKobra
Staff Pengurus
Staff Pengurus


Male
Jumlah posting: 487
Age: 23
Lokasi: .:luhurgunungnyanghareupkakulon duapuluhtilusetengahdarajatkakaler:.
Registration date: 21.04.07

PostSubyek: Su-Surat-an   Sat Oct 20, 2007 9:11 am

sampurasun baraya...
sampurasun dulur...

kuring hayang nyobaan yeuh nulis surat make basa sunda... cikan ah...
nya dimimitian ku surat cinta weh nu gampang mah.. heu heu.. Laughing

ATAH MODE ON
GOMBAL MODE ON
basa - biasa - teu puitis



SURAT KEUR "EUIS" giggle


Assalamualaikum..

Peuting ieu langit asa caang. Kuring di imah taya gawe lantaran kuliah libur jeung di kampus can pati rame kapan dua poe ka tukang kakara rengse jalan-jalan. Rek nyieun tutulisan, ah can kapikiran. Nya kuring teh tamba cicing ningalian poto dina komputer. Eh geuningan aya potret anjeun ngajakan seuri ka kuring. Ningali potret anjeun seuri, kuring ojol-ojol hayang nyieun surat ka anjeun. Tah kitu lah pangna kuring wawanian nyieun ieu surat ka anjeun.

Euis nu geulis, hampura lamun kuring geus kumawani nyuratan Euis pikeun nepikeun niat nu geus lila nyantel na hate kuring. Da sabenerna mah geus lila kuring hayang ngomong langsung, tapi naha ieu letah teh asa hareuras ari geus panghareup-hareup jeung anjeun teh. Antukna mah kuring kalah ngobrol pasualan nu lain-lain ka Euis, timimiti soal kuliah -biasa dimimitian ku soal kuliah heula- nepi ka harga cau di warung nu ngagantung..

Kuring sok inget harita anjeun kungsi curhat ka kuring basa anjeun anyar pepegatan jeung si Kemod. Anjeun nyarita sanggeus pepegatan jeung si Kemod naha beut loba lalaki nu ngedalkeun kacinta ka anjeun. Euis meureun inget keneh basa kuring nyarita, "Euis di dunya teh hese neangan lalaki anu daek jadi babaturan wungkul. Da lalaki mah dimana-mana ngadeukeutan awewe bari jeung geulis mah pasti aya pamrihna. Bogoheun eta teh Euis." Tuluy kuring nyarita, "Euis, lamun kuring mah beda tinu sejen, kuring mah deukeut jeung Euis teh estuning ku hayang sosobatan wae, teu aya pamrih nanaon. Kuring mah lir ibarat panon poe nyaangan alam dunya tapi teu menta imbalan nanaon ti dunya nu dicaanganana. Tah kitu Euis kuring mah lir ibarat panon poe." Anjeun pasti inget keneh kuring kungsi ngendalkeun omongan sarupa kitu basa aya hiji acara di tilu bulan kapengker. Tapi Euis sabenerna eta teh bohong. Sabenerna kuring teh kacida bogohna ka Euis. Nepi ayeuna kuring bogoh pisan ka anjeun. Matak kuring nyieun ieu surat oge lantaran teu tahan hayang geura-geura nepikeun seuneu cinta nu geus lila ngabelbela dina ieu dada.

Tangtu Euis ayeuna hayang nanya ka kuring, naha cenah Kang Umed beut bogoh ka Euis? Kapan loba keneh baturan awewe nu sejen? si Asih, Rika, Enah, si Lia kurang kumaha seksina? Naha Kang Umed beut milih kuring? Kitu meureun pantesna pananya na jero hate anjeun teh. Euis, kuring moal kagoda ku awewe nu sejen. Kuring mah ngan kataji ku anjeun. "Awewe emang rea, tapi ngan Euis nu dicinta."

Jadi kieu Euis, singgetna mah kuring nyieun ieu surat teh lantaran rek ngedalkeun yen kuring bogoh pisan. Kuring hayang Euis jadi kabogoh kuring. Kira-kira kumaha tah, Euis narima heunteu? Euis daek teu jadi kabogoh? Pokonamah kuring siap mikadedeuh sahirup samati saia sakata. Sagancangna kuring hayang geura narima jawabanana.

Atawa kieu wae ayeunamah Euis. Engke peuting kuring rek ngahaja nepungan Euis ka imah. Tah engke kuring menta disuguhan cai enteh ku Euis. Lamun cai enteh nu ku Euis disuguhkeun ka kuring teu make gula hartina Euis nampik kana kahayang kuring, tegesna anjeun teu bogoh ka kuring. Tapi lamun cai enteh nu disuguhkeun kacida amisna , eta tandana anjeun narima kana cinta kuring, tegesna anjeun oge bogoh ka kuring.

Sakitu surat ti kuring. Engke isukan kuring rek nganjang ka anjeun. Ayeuna anjeun siap-siap pikeun narima kadatangan kuring. Mun bisa mah di imah tong aya sasaha, ema jeung bapa Euis, tur adi jeung lanceuk Euis sina nyaraba ambeh acara urang teu kaganggu. Tos heula nya Euis, Kang Umed bebersih heula. Apan ambeh sareungit engke tepang paduduaan.

Permios Euis.


mabok cinta

ATAH MODE OFF
GOMBAL MODE OFF

dicandak ti berbagai sumber, teras diedit, teras ditambihan sakedik, teras dikirangan sakedik, teras di kumahakeun nya hadena??

_________________
PLGD apa lu mau gw ada

Sesungguhnya kehidupan dunia hanyalah permainan dan sendagurau. Dan jika kamu beriman dan bertaqwa, Allah akan memberikan pahala kepadamu dan Dia tidak akan meminta harta-hartamu. (QS.47:36).


Terakhir diubah oleh tanggal Wed Oct 24, 2007 12:53 am, total 1 kali diubah
Kembali Ke Atas Go down
Lihat profil user http://ainkobra.blogspot.com
Sina
Staff Pengurus
Staff Pengurus


Jumlah posting: 384
Registration date: 28.04.07

PostSubyek: Re: Su-Surat-an   Sat Oct 20, 2007 11:24 am

seuri edan seuri edan seuri edan

alusss euyyy.... jang longser iraha ieu teh? atawa nyaanan aya budak LSS ngaranna Euis... da baheula mah aya angkatan 97 tea...

Kang, ieu teh na... mangga dicobian, kaleresan gula teh atos seep... abdi mah bade nungkulan akang dideui dugi ka teh na seep... pami karaos na amis akang tos terang jawaban abdi, ngan pami teu amis langkung sae akang milarian deui anu sanes...


tahh mun kitu kumaha.... Razz Razz

atau kieu... kang, hapunten kaleresan gula na tos seep... kalerasan oge kamari kang Uhe ngintunkeun serat anu sami sareng akang, janten wae eta gula sadayana di asup keun ka cai teh... janten akang tos terang pan jawaban na....

hahahahaha seuri edan seuri edan seuri edan
Kembali Ke Atas Go down
Lihat profil user
supit
Panitia Pagelaran
Panitia Pagelaran


Male
Jumlah posting: 319
Age: 29
Lokasi: Caket... Teu jauh...
Registration date: 31.05.07

PostSubyek: Re: Su-Surat-an   Sat Oct 20, 2007 1:11 pm

Subhanalloh, Umed.. Umed...
Bener Sin hade pisan...

Jeung deuih,
Mun beakeun gula mah gampang, mawa gula ti imah.... tan entehna
saacan diinum, diheumheum heula gulana, insyaallah karasa amis....

seuri edan seuri edan
Kembali Ke Atas Go down
Lihat profil user
bupati
Pembina Utama
Pembina Utama


Male
Jumlah posting: 630
Age: 28
Lokasi: Bandoeeeng
Registration date: 17.04.07

PostSubyek: Re: Su-Surat-an   Sat Oct 20, 2007 2:08 pm

ceuk masri mah

duh nayaga naha bet jadi kieu ....

aduuh

_________________
REU REUH YU!!!!
Kembali Ke Atas Go down
Lihat profil user http://rusmawan.multiply.com
manguing
BMA
BMA


Male
Jumlah posting: 736
Age: 32
Lokasi: payuneun monitor
Registration date: 09.05.07

PostSubyek: Re: Su-Surat-an   Sat Oct 20, 2007 2:55 pm

Kang Umed,iyeu aya titipan seurat ti Teh Euis. Saurna teh teu wantun pami masihkeun langsung mah. anu matak anu mawi (sirah butak katinggang awi) si Teteh teh ngawiatkeun ka Mamang.
Assalaamu'alaikum,w.r.w.b.
menikah :
Euis Masitoh
dengan
Raekan Uhe Pitakan
hari : Ahad
Tanggal : 21 Oktober 2007
Waktu : 11:00 - 15:00
Tempat : Wisma Dewi Pohaci
Jalan Dewi Pohaci No. 13
Sukabumi

PS: Kang Umed, dongkapnya. Insya 4JJ disayagikeun oge cai teh sareung gulana.

_________________
Bila kata tak lagi bermakna lebih baik diam saja
Bila diam tak lagi bermakna lebih baik tidur saja
Kembali Ke Atas Go down
Lihat profil user http://sareupna.multiply.com
Sina
Staff Pengurus
Staff Pengurus


Jumlah posting: 384
Registration date: 28.04.07

PostSubyek: Re: Su-Surat-an   Sat Oct 20, 2007 5:07 pm

lanjutkeun heyyyy... meureun we bisa jadi sababak... tah pan lumayan tibatan ngomongkeun lauk/aatahan teu pararuguh... jadi nu boga lakon teh euis, umed, jeung uhe.... ketawa rek nambah hansip, preman, lurah, sok we tambahkeun... kagok gelo lah... Razz Razz
Kembali Ke Atas Go down
Lihat profil user
Muy_Abi
Jabur
Jabur


Male
Jumlah posting: 1233
Age: 27
Lokasi: .:: dimana ada dirimu ::.
Registration date: 21.04.07

PostSubyek: Re: Su-Surat-an   Sat Oct 20, 2007 5:24 pm

iya siap
hayu urang berantai nyieunna sugan we jadi naskah longser lamun dihijikeun mah.

_________________
ayo Revenant!!
HAJAR!!!
Kembali Ke Atas Go down
Lihat profil user http://machmoey.blogspot.com
supit
Panitia Pagelaran
Panitia Pagelaran


Male
Jumlah posting: 319
Age: 29
Lokasi: Caket... Teu jauh...
Registration date: 31.05.07

PostSubyek: Re: Su-Surat-an   Mon Oct 22, 2007 3:49 pm

Iraha deui nyieun longser eusina ngan curhat hate wungkul...
jati settinganna tergantung isi surat, terus teu kudu aya pamaen, hese latihanna... sora gaib weh... nya
Kembali Ke Atas Go down
Lihat profil user
cidfofa
Panitia Pagelaran
Panitia Pagelaran


Female
Jumlah posting: 294
Age: 23
Registration date: 17.04.07

PostSubyek: Re: Su-Surat-an   Mon Oct 22, 2007 4:07 pm

sok atuuh, akang2, teraskeun...

maenya saatos nampi uleman nikah, atosan? giggle

pan saurna oge, sateuacan bendera kuning berkibar mah..masih aya kesempatan..
hii,, naudzubillah ketang.. Very Happy
Kembali Ke Atas Go down
Lihat profil user http://seeastrid.blogspot.com
Kang Ihsan
Panitia Pagelaran
Panitia Pagelaran


Male
Jumlah posting: 339
Age: 31
Lokasi: di payuneun komputer
Registration date: 29.04.07

PostSubyek: Re: Su-Surat-an   Mon Oct 22, 2007 8:34 pm

cidfofa wrote:
sok atuuh, akang2, teraskeun...

maenya saatos nampi uleman nikah, atosan? giggle

pan saurna oge, sateuacan bendera kuning berkibar mah..masih aya kesempatan..
hii,, naudzubillah ketang.. Very Happy


ih...
naha make jeung naudzubillah..

emangna neng acid bade ngaluarkeun bandera koneng nya?
dagor dagor dagor

Kembali Ke Atas Go down
Lihat profil user
supit
Panitia Pagelaran
Panitia Pagelaran


Male
Jumlah posting: 319
Age: 29
Lokasi: Caket... Teu jauh...
Registration date: 31.05.07

PostSubyek: Re: Su-Surat-an   Tue Oct 23, 2007 10:38 am

Kang umed, tanggung jawab atuh tong satengah2, sok ceunah tuluykeun, sakitu ditantang teh, euy..... aing lss aing lss aing lss

Punten upami ada kesamaan nama, pemain, dan kondisi, eta memang dihaja, supados....................... heu..heu heu..heu heu..heu
(geuleuh make simbol ieu teh,nya)

Kuduna aya surat versi si Uhe-na euy... Sigana leuwih pol deui, sok he atuh euy.... jadi caritana bentrok tapi fair...

setun setun setun setun
Kembali Ke Atas Go down
Lihat profil user
Sina
Staff Pengurus
Staff Pengurus


Jumlah posting: 384
Registration date: 28.04.07

PostSubyek: Re: Su-Surat-an   Tue Oct 23, 2007 11:11 am

emang aya nu bentrok teu fair? Razz Razz

ngadagoan nu nyieun kahiji heula, jigana geus boga plot hayang na kumaha jawaban na..
Kembali Ke Atas Go down
Lihat profil user
ainKobra
Staff Pengurus
Staff Pengurus


Male
Jumlah posting: 487
Age: 23
Lokasi: .:luhurgunungnyanghareupkakulon duapuluhtilusetengahdarajatkakaler:.
Registration date: 21.04.07

PostSubyek: Re: Su-Surat-an   Tue Oct 23, 2007 3:48 pm

Sina wrote:
emang aya nu bentrok teu fair? Razz Razz

ngadagoan nu nyieun kahiji heula, jigana geus boga plot hayang na kumaha jawaban na..


heu heu ...
sok atuh lah.. nya bari dibantosan weh atuh... nya engke simkuring nuju ngadamel serat nu kadua na...

heu heu ...

_________________
PLGD apa lu mau gw ada

Sesungguhnya kehidupan dunia hanyalah permainan dan sendagurau. Dan jika kamu beriman dan bertaqwa, Allah akan memberikan pahala kepadamu dan Dia tidak akan meminta harta-hartamu. (QS.47:36).
Kembali Ke Atas Go down
Lihat profil user http://ainkobra.blogspot.com
ainKobra
Staff Pengurus
Staff Pengurus


Male
Jumlah posting: 487
Age: 23
Lokasi: .:luhurgunungnyanghareupkakulon duapuluhtilusetengahdarajatkakaler:.
Registration date: 21.04.07

PostSubyek: Re: Su-Surat-an   Tue Oct 23, 2007 3:55 pm

cidfofa wrote:
sok atuuh, akang2, teraskeun...

maenya saatos nampi uleman nikah, atosan? giggle

pan saurna oge, sateuacan bendera kuning berkibar mah..masih aya kesempatan..
hii,, naudzubillah ketang.. Very Happy


euleuh2.. bendera kuning mah pasti berkibar... aduuuh...
ceuk urang mah saacan janur kuning berkibar, nya masih keneh aya harepan.. tapi mun sanggeus janur kuning berkibar mah nya.. mangga weee, da simkuring mah moal.. heu heu..

_________________
PLGD apa lu mau gw ada

Sesungguhnya kehidupan dunia hanyalah permainan dan sendagurau. Dan jika kamu beriman dan bertaqwa, Allah akan memberikan pahala kepadamu dan Dia tidak akan meminta harta-hartamu. (QS.47:36).
Kembali Ke Atas Go down
Lihat profil user http://ainkobra.blogspot.com
manguing
BMA
BMA


Male
Jumlah posting: 736
Age: 32
Lokasi: payuneun monitor
Registration date: 09.05.07

PostSubyek: Re: Su-Surat-an   Tue Oct 23, 2007 11:11 pm

ainKobra wrote:
cidfofa wrote:
sok atuuh, akang2, teraskeun...

maenya saatos nampi uleman nikah, atosan? giggle

pan saurna oge, sateuacan bendera kuning berkibar mah..masih aya kesempatan..
hii,, naudzubillah ketang.. Very Happy


euleuh2.. bendera kuning mah pasti berkibar... aduuuh...
ceuk urang mah saacan janur kuning berkibar, nya masih keneh aya harepan.. tapi mun sanggeus janur kuning berkibar mah nya.. mangga weee, da simkuring mah moal.. heu heu..
Punteun pami "urang" didiyeu teh maksadna kang Umed atanapi AinKobra.

_________________
Bila kata tak lagi bermakna lebih baik diam saja
Bila diam tak lagi bermakna lebih baik tidur saja
Kembali Ke Atas Go down
Lihat profil user http://sareupna.multiply.com
 

Su-Surat-an

Topik sebelumnya Topik selanjutnya Kembali Ke Atas 
Halaman 1 dari 8Pilih halaman : 1, 2, 3, 4, 5, 6, 7, 8  Next

Permissions of this forum:Anda tidak dapat menjawab topik
Kuring LSS :: Seni & Budaya :: Ngeunaan Basa Sunda-
Kirim topik baru   Kirim balasan